Kumargi aya garis katurunan Padjadjaran, manawi almarhum pun Bapak, ngadegkeun perusahaan di tahun 1980, namina CV. Jayaningrat, atuh Sim Kuring oge ngadegkeun perusahaan Konsultan Arsitektur, namina PT. Jayaningrat Arsitama, kantun ngalajeungkeun nami perusahaan pun bapak.

Atuh ayeuna dinu rel pulitik, cunduk waktu anu mustari, ninggang mangsa anu diseja, Sim Kuring geus waktuna bajuang ngaronjatkeun ajen Sunda jeung Nyunda ku buleudna tekad ngadegkeun Partai Sunda Nusantara ( PSN ), hayu sakabeh Sunda jeung Nyunda tong loba dongeng, ayeunamah urang rapetkeun barisan jeung Sim Kuring, gabung bajuang di PSN keur kamajuan NKRI anu leuwih unggul.

Salajengna wangsul ka pokok bahasan ngaguar sejarah, pangapunten aya perbentenan versi sejarah, upami di keluarga Sim Kuring mah, nami Kuwu Sangkan teh leres-leres mung Kuwu, hartosna ari Kuwu teh Kepala Desa, anu janten kapercantenan raja. Kuwu Sangkan sanes putra Raja Sribaduga Siliwangi, rakana Kian Santang, kumargi putra Raja mung aya tilu, nyaeta Lara Santang sareng Kian Santang saibu sarama ti Permaisuri Nyai Subang Larang, atuh bungsuna Surawisesa mah mung sarama benten ibu. Manawi gelar Prabu Cakrabuana teh nami Kian Santang anu kantos di angkat Raja, kitu cindekna versi sejarah keluarga Sim Kuring mah, aya perbentenan sakedik sareng babad sejarah Cirebon, anu nganggap Kuwu Sangkan putra Raja rakana Kian Santang, anu gaduh nami Prabu Cakrabuana. Salajengna nami Walang Sungsang oge sanes rakana Kian Santang, tapi Walang Sungsang mung nami sanes Kian Santang di dunya pasilatan. Aya dua namina di dunya pasilatan teh, kahiji Gagak Lumayung, kumargi dinu taktakna Kian Santang, kamamana katinggal nencle manuk Gagak, teras nami kaduana Walang Sungsang, sapertos Walang aclog-aclogan teras-terasan milari elmu ka saha wae anu di kenal jago kadigjayaan, pasti di jugjug sareng di tantang adu elmu ku Kian Santang, upami kenging janten patalukan anjeuna, atuh upami Kian Santang kawon, Kian Santang ngelmu kanu ngelehkeunana, katelah we nami anjeuna janten pendekar Walang Sungsang. Janten Walang Sungsang mung nami Kian Santang, kumargi Kian Santang mung gaduh Raka hiji, nyaeta Nyai Lara Santang, ibuna Syarif Hidayatullah. Di dunya pasilatan, Kian Santang ka koncara Jawara Nomor Wahid sa jagat Nusantara.

Kanjeng Eyang Prabu Kian Santang (Sunan Rahmat r.a.), masihan peupeujeuh elmu ka katurunan sareng murid-muridna, anu dugi ka waktos ayeuna di cekel deleg ku sim kuring, iyeu elmu turun ruruntuyan ti luhur naretes ka handap, nepi ka sim kuring, kukituna inyana murid-murid sim kuring kudu apal, sa-acan latihan jurus, aya konci dadasar elmu mangrupi Siloka Buhun, ti keresana Eyang Prabu Kian Santang, salian ti murid-murid sim kuring, para pendekar jeung paguron oge masyarakat umum tiasa nalungtik siloka buhun ieu, keur nambah kuat jeung nyampurnakeun elmu masing-masing, mudah-mudahan Barokah, utamina dinu raraga ningkatkeun kakuatan raga kanggo nyinghareupan wabah COVID-19 anu sakitu ahengna,  mangga di galih :

Siloka Buhun (Silib) Kian Santang Bab-baban Kanuragan

Sampurasun

Bismillahirrahmanirrahim

Sembah sujud kanu Maha Agung Allah Swt, jembarna Sholawat sareng salam kanggo kanjeng Nabi Rasullullullah Muhammad saw.

Di buka ku ucap Sampurasun, anu ngandung harti Sampurna Raga Ning Ingsun, cindekna panceg kokoh tapa ngabatara karang, dina elmu Kula sorangan, nyaeta elmu Kujang Campuh Gagak Lumayung, elmu Kanuragan Padjadjaran nu geus disampurna sucikeun  Ku Tauhid, Iman rejeung Islam.

Sing inget katurunan jeung murid Kula sakabeh, elmu luhung Kula keur kasampurnaan hirup arandika sorangan.

Sangges Kula jadi Raja, euweuh UGA, kulantaran UGA geus ngabuah sampurna jadi ISLAM, anapon ucap Kula ngan saukur SILOKA, nalika cunduk waktu ninggang mangsa, Kula tilar ti alam dunya, maot ngarana, SILOKA ucap Kula, bakal katelah SILIB atawa panjangna SILOKA BUHUN.

SILIB Kula ngan dua bab-baban, Bab-baban Kanuragan rejeng Bab-baban Kakawasaan.

Ieu SILOKA bab-baban Kanuragan, coba regepkeun kanu pikiran jeung ati sanubari arandika.

Euweuh kanuragan tanpa kuda-kuda, lelengkahna sing apal, arandika kudu nempo jeung maca Jalan hirup para Rosul, para Nabi jeung para Wali, anu ngagurat dina Kitab Suci Al-Qur’an, kitab suci akhirul zaman anu geus sampurna ngawengkuh Zabur, Taurat, Injil, Weda, Tripitaka jeung sakabeh kitab suci nu pernah aya di iyeu dunya.

Poma sing inget !

Euweuh nu bisa maca kitab (ayat Kauliyah) sa-acan bisa maca alam (ayat Kauniyah)

Eweuh buah sa-acan aya amal

Euweuh Amal sa-acan aya Ka-ikhlasan

Euweuh Ka-ikhlasan sa-acan aya elmu

Euweuh Elmu sa-acan Kuat pangacian

Inyana, kuat pangacian anu narik maheutkeun elmu, sing inget manusa asalna lemah hinadina ngan tina leuleueur Acimani sakeclak.

Gambar ini memiliki atribut alt yang kosong; nama berkasnya adalah SELANJUTNYA-1024x205.jpg

By Redaksi

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *