Kakuatan manusa ngan boga pangacian, narik ngelem ngaraketkeun elmu
Kusabab kitu sing inget modal hirup anu utama, entong nepi kabur pangacian, tapi kudu bisa ngumpulkeun pangacian, jeung nguatkeun pangacian
Euweuh kuat pangacian sa-acan apal hawa murni waktu janari subuh
Inyana kuat pangacian, hate tenang jeung kuat sumanget hirup, bakal ngudag kadigjayaan hirup jeung huripna
Modal elmu pangacian, keur ngudag elmu-elmu luhung, coba regepkeun lamun hayang hirup jeung huripna.
Euweuh Hirup jeung Huripna, sa-acan apal elmu nafas kuat teuleum teu ambekan, elmu tanaga dalem Nabi Yunus a.s., watekna awak sehat kuat raga digjaya, tong waka ngalawan kuman, cacing, tetelo, panyakit, Nabi Yunus a.s nepi ka kuat hirup di jero beuteung lauk Paus Hiu.
Euweuh Saepi Angin (lari cepat) sa-acan kuat Ngagidig (jalan cepat) jeung Nyigcrig (jogging) ti pasir ka pasir elmu Nabi Sulaeman a.s
Euweuh Napak Sancang, sa-acan kuat ngojay jeung teuleumna ti pulo ka pulo elmu Nabi Hidir a.s
Euweuh Semu Gunting, sa-acan apal hawa seuneu dinu jero dada, elmu Nabi Musa a.s
Euweuh Halimunan, sa-acan bisa nyumput buni dinu ca’ang elmu Nabi Isa a.s
Euweuh Batara Karang, sa-acan bisa kokoh panceg dina pamadegan, elmu Nabi Yusuf a.s rejeng Nabi Daud a.s
Euweuh Napak Mega, sa-acan apal hakekat Jasmani jeung Ruhani, elmu Nabi Adam a.s.
Euweuh Ogan Lopian, sa-acan apal tilu patokan maca ngimpina Nabi Yusuf a.s, ngimpi jasadi sarangka ruhani, ngimpi bunga rampe pikiran jeung ngimpi gho’ib sa-acan kajadian.
Euweuh Saciduh Metu Saucap Nyata, sa-acan Sabar Sampurna, elmu Nabi Yaqub a.s jeung Nabi Ayub a.s
Euweuh Kasolehan sa-acan bisa mere maweh ka sasama sok komo keur loba pakaya. elmu ikhlash sholeh-na Nabi Ismail a.s., anjeuna salian ti mere maweh pakaya harta ka sasama tepikeun ka ikhlash mere mikeun beuheung teukteukeun ka Ramana, Nabi Ibrahim a.s.
Euweuh umur panjang, sa-acan awak leuleus (lentur) kawas oray
Euweuh awak leleus kawas oray sa-acan bisa tapa (jurus2) Mahdi elmu Nabi Nuh a.s dicatet ku Al-Qur’an
atawa katelah Mritya dinu Weda. Watekna awak sehat kuat raga digjaya, panjang umur persis oray, Nabi Nuh a.s nepi ka bisa hirup salaksa (1000) kurang lima puluh taun. Tong waka nyinghareupan bencana kuman, tetelo, cacing, panyakit, nepi ka banjir salaput gunung, apal samemeh kajadian disinghareupan ku nyieun parahu gede bisa nyalametkeun diri jeung umatna.
Euweuh tapa (latihan) Mahdi sa-acan wani peurih, keur jadi peurah dinu salawe (25) nepi ka sawastu (100) jurus Mahdi. Kula mere ngaran jurus Mahdi, hartina nyampurnakeun (jurus2) Yoga Hindu, ku Tauhid, Iman rejeung Islam. Ngaran Mahdi di cokot tina Hadis Nabi, panempo Kula Imam Mahdi lain wujud makhluk, tapi Siloka Kasampurnaan jeung kakuatan hirup make agama rejeung elmuna para nabi, anu bisa numpur ludeskeun Dajal mangrupa-rupa kajahatan aheng di akhir zaman.
Tatapak latihan Kula bakal katelah batu ceper curug Mahdi. Lantaran sanggeus latihan Kula suka mandi jeung adzan di sahandapeun curug.
Euweuh Salawe nepi Ka sawastu jurus Mahdi sa-acan Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul.
Sanggeus Kula abus Islam, euweuh Tapa tanpa Solat, tatapa Mahdi di tutup ku Solat Khusu, atawa sabalikna Solat Khusu di tutup ku tatapa Mahdi
Euweuh Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul, sa-acan apal Sarangkana nempat matuh dinu Sholat Witir waktu Tahajjud
Euweuh Solat Khusu (Pedang Rosul) sa-acan shalat munfarid (nyalira) tu’maninah.
Euweuh Perang Jihad Fii Sabillillah, sa-acan boga Pedang, Baju Kancra Wesi jeung Tameng Waja.
Saestuna Jihad Fii Sabillillah nyampurnakeun Iman rejeung Islam
Inyana kudu apal saestuna Sholat Khusu teh, Pedangna Rosul. Ari sampurnana Silat, nya iwal ti Sholat Khusu anu dirangkai ku Jurus, anu kasebut pedang Rosul, pon kitu deui Kancra Rosul jeung Tameng Rosul, nyaeta kakuatan jurus-jurus anu ngawujud hirup tina Kakhusuan Solat atawa Pedang Rosul.
Euweuh Sholat Jama’ah duapuluh tujuh darajat, sa-acan apal Sholat Munfarid Tu’maninah, Inyana kudu apal watekna Sholat Jama’ah, keur Pangajak Sholat, Pangajaran Sholat, Pangamalan Sholat jeung Pangiket Silaturahmi, ari watekna sholat munfarid keur ka-khusuan, nu matak Nabi saw., Sholat Taraweh Tahajudna munfarid, sabelas raka-at khusus bil khusus keur ka-khusuan.
Euweuh peurih keur jadi peurah, sa-acan puasa senen kemis, terus ka puasa Daud, terus ka puasa nga-wali naktu mana salwa-na nabi Musa, mutih, mucuk, ngabeuti, ngalong, ngamacan, terus ka elmu mati geni sora Nabi Zakaria tilu dinten, tilu wengi, terus ka puasa opat puluh poe Nabi Ibrahim, Nabi Musa di gunung Tursina jeung Nabi Muhammad saw. di gua Hiro, akhirna paling luhung puasa genep taun Nabi Zulkipli atawa Katelah Budha dinu Tripitaka.
Euweuh Kani’matan hirup sa-acan awak digjaya sehat jagjag waringkas
Euweuh Kadigjayaan, sa-acan olah (latihan) kanuragan
Euweuh kanuragan sa-acan kuat salaksa (1000) jurus Kembang (gwa-kang) jeung Eusina (sin-kang/ORPAS BTD)
Euweuh kuat eusi sa-acan apal Nafas Kuda, Nafas Ajag, Salapan jurus Nafas Kahanan, jeung Nafas Payung Suci.
Euweuh tanaga dalem sa-acan apal ngolah eusi ku jurus-jurus, apal jurus Pedang Rosul, Kancra Rosul, Tameng Rosul, Apal Jurus Mahdi jadi Manik Dharma Langitan (Mandala), apal sapuluh Jurus Payung Nabi, apal sapuluh Jurus Badar Petir jadi Guntur Dharma Langitan (Gundala), jeung apal jurus Syah Bandar saestuna jurus-jurus campuran tina sakabeh jurus nu aya.
Euweuh Mandala jeung Gundala, sa-acan apal elmu Sapatemon Kama Sutra Nabi Daud a.s, ahengna Nabi Daud a.s, Raja Adil anu boga bojo jumlahna sawastu, sabalikna ti kitu kuatna bakal leuwih kuat ti elmu Sapatemon Nabi Daud a.s, moal aya dua kuatna di kolong dunya, lian ti elmu Nabi Isa a.s., Teu Sapatemon, Teu Ngalamun jeung Teu gaduh Bojo. Nabi Isa a.s ngan wungkul kawin bidadari dinu ngimpi kulem suci. Kakuatan elmu Nabi Isa a s, nepi ka dikabul ku Allah Swt., do’a muzizatna, anu lolong bisa jadi beunta, anu maot bisa hirup deui. Gulangkepna elmu sapatemon di pungkas ku elmu Nabi Yusuf a.s, anu nolak ajakan zinah, Siti Zulaeha, isteri anu geulis seungit kacida. Keur ummat Islam sakabeh, elmu sapatemon disampurnakeun ku elmuna kanjeng Nabi Muhammad saw., anu di amalkeun ku Sayidina Ali r.a murid kakasihna Nabi saw, tangtuna leuwih kuat ti Abu Bakar r.a, Umar r.a jeung Usman r.a. Sayidina Ali r.a Al-Karamallahu Wajhah ( Wajah anu aya Sinar Allah ), bisa naekan elmu dinu sapatemon nepi ka kuat teu nempo laranganana, sok komo nempo larangan istrina.
ALLAHU AKBAR
Euweuh pangabisa sa-acan boga Guru
Guru Kula, Sirah Citarum Kuat teuleum teu ambekan
Unggal poe Kula latihan
Tepi ka jibrug ngoprot ngesang
Latihan Kula, di Rancabuaya, bisa mebekkeun sungut buaya, hiji totonde yen diri Kula moal eleh kunu rea carita.
Guru Islam kula para wali, satimbangan tikitu para wali, guguru silat ka diri kula
Tah ieu anu di sebut silat sampurna, inyana kudu apal Kujang Campuh Gagak Lumayung
Ari Kujang teh, hartina Kudu jang ngariksa diri
Euweuh Syahadat jeung Sholat sa-acan aya Islam Ajaran ti Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Islam nu nanjeurkeun Tauhid, mupus Pamusyrikan jeung Pamunafekan, oge Islam anu nyampurnakeun elmu-elmu suci nu geus aya jeung nu bakal aya di alam dunya
Euweuh rupa silat sa-acan apal solat.
Silat jeung Solatna bakal jadi seukeut kawas Silet
Solat anu utama tujuh waktu, wajibna lima, kuatna dua, Dhuha jeung Tahajjud
euweuh elmu Solat sa-acan elmu Syahadat
euweuh elmu Syahadat, sa-acan apal purwadaksi anu di agem ku Kanjeng Nabi, Rasullullah Muhammad saw, inti sarina, kasadaran diri ku ayana nafas rejeng nu nyieun nafas, saha deui ? salian nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt.
Eta saestuna elmu Kasampurnaan hirup jeung huripna, elmu Maut Qabla maut, konci syurga firdaus ngarana.
Laa ilaha illallah, Subhanallah, Alhamdullillah, Allahu Akbar, Laa Hawla wala Quwwata illa bilahil aliyil adzim
Poma kudu diregepkeun ku Katurunan jeung murid Kula sakabeh, keur kakuatan Silat Kujang Campuh Gagak Lumayung
Sakali deui sing inget, Ari Kujang teh hartina Kudu Jang Ngariksa diri
euweuh cara ngariksa diri sa-acan make Kitab Al-Qur’an, sahingga diri bisa campuh kuat taya bandingna, boga Cakar Gagak Lumayung, oge boga Cakar Maung Lodaya, dua sato kanya’ah Kian Santang jeung Rama Prabu Siliwangi
