Eta sanjata Padjadjaran anu ku Kula di Cekel deleg, kuat euweuh bandingna di sawatara jagat Nusantara, pon kitu deui sakabeh katurunan jeung murid kula, tong poho kanu purwadaksi arandika sorangan, jadikeun modal kakuatan keur ngaronjatkeun ajen harga diri keluarga, nagara jeung agama, ieu silokana :

Cahaya Kula Raden Wijaya

Sirah kula Lingga Buana

Beuheung Kula Wastu Kancana

Getih Kula Siliwangi

Sumsum Kula Kian Santang

Kumis Kula Maung Lodaya

Kaulinan Kula Bedog Ciomas Sadeupa, anu neukteuk beuheung Raja Iblis Blambangan

Sanjata Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, Al-Qur’an ngarana, anu jero kacida ngancik Weda, Tripitaka, Dzabur, Taurat, injil jeung sakabeh kitab suci anu aya di ieu dunya.

Ku jalan Al-Qur’an, sahingga Kula apal sampurna, hakekat fatamorgana hirup manusa.

Koncina, apal dzat jeung gerakna dzat

Dzatna raga manusa anak incu Adam a.s., taneuh,

Dzatna Roh Suci, Cahaya anu nya’angan Jiwa,

Dzatna jiwa aya tilu unsur nyampur jadi wujud, nyaeta Seuneu dzatna Nafsu, atuh kudu apal Cai dzatna Rasa, jeung sambrani bumi dzatna pikiran.

Tinu apal dzat bakal naek jadi apal gerak dzat

Apal gerak Jiwa, Apal gerak Raga, Apal Gerak Nafsu, Apal Gerak Pikir, Apal Gerak Parasaan, jeung apal Roh Suci anu Ngagerakkeun Jiwa Raga

Gerak Nafsu hakekatna Hayang Untung Embung Rugi, Hayang Puji Embung Hina, Hayang Meunang Embung Eleh, Hayang Senang Embung Susah

Gerak Pikir Hakekatna, Bener jeung Salah, Hade jeung Goreng, Gede jeung Leutik, Lila jeung sakeudeung

Gerak parasaan hakekatna, ngeunah jeung teu ngeunah anu abus tinu sakabeh indera, panempo, panguping, letah rasa, kulit rasa jeung pangambeu.

Apal rasa hate jero kacida, anu kasebut Cinta jeung Ijid Ngewa (benci) ngarana

Apal Roh Suci, anu ngagerakkeun eusi jiwa, nafsu, pikir, jeung rasa

Apal Roh Suci nu di Ciptakeun, ku saha deui salian kunu Maha Suci Allah Swt. Anu Laysa Kamitshlihi Syai’un, anu Ahad, anu Gho’ib bil Gho’ib, anu Lam yalid walam yulad, jeung anu Walam yakulahu kufuwan ahad

Nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt., anu wajib unggal usik di sembah sujudan ku sakabeh manusa

Apal Roh Suci, sahingga moal katipu ku Fatamorgana Kahirupan Dunya, ayatna Wal hayatu dunya illa mata’ul gurur.

Fatamorgana kahirupan timbul tinu Rasa, Pikir jeung Nafsu kamanusa-an.

ALLAHU AKBAR

JALANA gerak roh Suci manusa, kudu panceg tong kabengbat, tong kaluar tinu ihdinashiratal mustaqim, salapan tangga Syorga :

Ka-hiji, Apal kasadaran nafas jeung nu Nyipta nafas,

jadi apal nempo diri,

Ka-dua, apal nempo diri jadi apal khusu (konsentrasi),

Ka-tilu apal khusu jadi apal jiwa,

Ka-opat apal jiwa jadi apal eles jiwa,

Ka-lima apal eles jiwa jadi apal ucap bijak,

Ka-genep apal ucap bijak, jadi apal laku bijak,

Ka-tujuh apal laku bijak jadi apal polah laku bijak,

Ka-dalapan apal polah laku bijak jadi apal muhasabah (introspeksi)

Ka-salapan apal muhasabah jadi apal kasampurnaan hirup jeung huripna.

Tah eta salapan tangga jalan syorga, kudu bisa kahontal sampurna hirup jeung huripna, nepi ka ngajadi Jiwa anu Nafsul Mutmainah, Raga anu Sehat wal Afiat, insan kamil anu sajati ngarana, anu ngajadi khalifah fil ard, jeung anu rahmatan lil alamin, manfa’at keur balarea.

Euweuh Jelema nepi ka Syorga sa-acan katempo tatapak sucina

Tatapak suci sampurna hirup jeung huripna manusa, pasti apal tilu unsur bijaksana, inyana meberkeun BEBENERAN, KAHADEAN jeung KAINDAHAN

Pedaran Siloka Buhun ieu Inyana digjaya luhung Jawara Padjadjaran.

Lain keur kasombongan anu euweuh guna

Lain keur senopati anu teu boga ponggawa

Lain keur wiku anu teu boga catrik

Lain keur ajengan anu teu boga santri

Tapi kula digjaya keur balarea, ngabela kulawarga, bangsa, nagara jeung agama

Sing Inget, sapu nyere sahiji, ngan bisa dicepretkeun, tapi sapu nyere saiket, bisa digebugkeun

Guru rejeng muridna, Ajengan rejeng santrina, kacai jadi saleuwi, kalebak jadi sadarat, kokoh kuat sabeungkeut saiketan, jadi pasukan perang anu kokoh rongkah digjaya di ieu dunya

Tah eta inyana pasukan perang Kula anu Kuat taya bandingna

Moal gedag ka-anginan

Moal mundur satapak, bakal maju lima deupa

Keur Nanjeurna luhung Padjadjaran anu dipikacinta, karajaan tatar priangan, lembur agung sakabeh urang Sunda.

Kula rejeng pasukan Kula, bisa negakkeun bebeneran rejeng ka-adilan di ieu dunya, kusabab teu kabita ku dunya, teu ka goda ku Iblis anu nyiliwuri, ku syeitan anu newo-newo, anu bisa abus kana ati, anu bisa sumarabah kana bayah, Kula jeung pasukan teu weleh inget, teu weleh ati-ati dinu satiap lengkah barisan, dinu satiap lengkah perang, tara poho, clik putih clak herang timbul tinu hate sanubari anu suci, di taudzan rejeung dibismilahan, eta konci kakuatan, lain saukur caringcing pageuh kancing, caringcet pageuh iket, baroga kakuatan awak rejeng pakarang, bedog ciomas, tameng waja jeung baju wesi, oge taktik perang.

Tapi sakali deui satiap lengkah ditaudzan jeung dibismilahan. Eta Inyana konci Kaunggulan anu nyata Kula jeung pasukan Kula.

CUKUP sakitu anu bisa ditepikeun ku Kula ka arandika sakabeh katurunan jeung murid kula, mangkahade kudu di cekel deleg wasiat kujang campuh gagak lumayung ageman elmu Kanuragan Kula,  entong nepi ka salah lengkah bisi arandika jadi suluh Naraka.

Salam Rahayu Kanya’ah Kula ka sakabeh turunan rejeung murid Kula, sing saha wae anu nuturkeun elmu Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, sing kuat lahir batin bakal di godog keut kasucian, eta hartina tempat Kula Maku Bumi, di Godog Suci.

Panembahan Godog Suci, cing cirining Kula geus ngaleupaskeun dunya, cindekna ngaleupaskeun Mahkuta Tahta Raja Padjadjaran, ulah kaget, ulah heran kusabab udagan Kula lain hayang jadi Raja Dunya, tapi udagan hirup Kula leuwih hade jeung leuwih mulia tibatan jadi Raja, takdir hirup Kula Alhamdullillah jadi papatok jalan pikeun nyalametkeun sakabeh rahayat Padjadjaran bisa arabus agama Islam, ku jalan iyeu In Shaa Allah, yakin tur pasti hirup Kula leuwih rea manfa’atna keur balarea, oge tangtu ku takdir jalan iyeu Kula pribadi bisa meunang Ridho tinu Maha Kawasa Allah Swt. Eces jenterena mangsa tilem Padjadjaran, ku Kula bakal di buka dina Silib Kian Santang Bab baban Kakawasaan.

Allahu Akbar

Cunduk waktu ninggang mangsa di tutup ku ucap Rampes, hartina rarampe beres, sing inget rarampe Kula lain rurujakan, lain sasajen, lain parupuy menyan, tapi rarampe Kula leuwih Hade jeung Sampurna, ku Tauhid, Iman Islam, di iket ku Sajadah, Tasbe jeung Minyak seungitna.

Alhamdullillahirrabbil Aalamiin.

Pun Sapun. Cag. Rampes

By Redaksi

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *